2 Babad 14
Raja Abia geus pupus, dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud. Asa, putrana ngagentos jadi raja. Dina cangkingan Asa nagara teh kerta sapuluh taun lilana.
Lampah Asa sapagodos jeung pangersa PANGERAN Allahna, bener jeung hade.
Altar-altar bangsa sejen jeung tempat-tempat ngabakti ka brahala ku anjeunna disingkir-singkirkeun, pilar-pilar karamatna dirugrug-rugrugkeun, arca-arca Asera diteukteukan.
Urang Yuda ditimbalan kudu ngalampahkeun pangersa PANGERAN, Allah karuhun maranehna, kudu nurut kana papakon-papakon jeung timbalan-timbalan Mantenna.
Tempat-tempat paranti ngabakti ka brahala jeung altar-altar pangukusanana dileungit-leungitkeun ti unggal kota nagara Yuda. Ku sabab kitu karajaan teh dina cangkingan anjeunna jadi kerta.
Dina pamarentahanana, kota-kota nagara Yuda dibenteng, mangtaun-taun tara nyorang perang, sabab anjeunna ku PANGERAN dipaparin reureuh.
Dawuhan Asa ka urang Yuda, "Urang ngabenteng kota-kota, make kuta jeung munara-munarana, make lawang anu bisa ditutup ditulakan. Urang bisa nyangking ieu tanah lantaran geus ngalampahkeun pangersa PANGERAN, Allah urang. Ku Mantenna dijaga, reugreug ti unggal pihak." Prak dipigawe reujeung lulus mulus.
Balad Asa 300.000 urang Yuda, pakarangna kepeng jeung tumbak, 280.000 urang Binyamin, pakarangna kepeng jeung panah, kabeh garagah sarta asak latih.
Aya hiji jelema urang Sudan ngaranna Serah, ngarurug ka nagara Yuda. Baladna sajuta prajurit, tilu ratus kareta, geus daratang ka Maresa.
Asa kaluar seja ngayonan. Itu ieu geus pahareup-hareup di Lebak Sepata deukeut Maresa.
Asa sasambat ka PANGERAN Allahna, piunjukna, "Nun PANGERAN, Gusti mah tangtos gampil bae mitulung ka balad alit balad ageung oge. Tulungan abdi sadaya nun Gusti PANGERAN, reh abdi sadaya percanten ka Gusti, reh bade ngayonan balad anu sakitu ageungna teh ngemban pajenengan Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Moal aya anu unggul ngalawan ka Gusti."
Ti dinya balad urang Sudan ditarajang ku Asa sabaladna, eleh tuluy kalabur,
diobrot ku Asa jeung pasukanana nepi ka Gerar. Kacida lobana serdadu Sudan anu tiwas, barisanana teu bisa tagen. Maranehna dielehkeun ku PANGERAN jeung balad-Na. Balad-balad meunang rampasan perang kacida lobana.
Malah terus narajang jeung ngelehkeun kota-kota sakuriling Gerar, wantu-wantu pribumina geus kacida ngarasa gimirna ku PANGERAN. Kota-kotana diranjah, dunyabranana dijarah kacida lobana.
Sanggeus ngagempur eta terus ngagempur pakampungan-pakampungan tukang ngangon, ngarampasan domba jeung onta loba pisan. Geus kitu kakara balad teh mulang ka Yerusalem.